1 Korinta 11
Kudu kitu, turutan sim kuring, saperti sim kuring nurutan tuladan Kristus.
Nuhun aranjeun aringet ka sim kuring sarta tigin kana pangajaran sim kuring.
Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.
Dina kumpulan ibadah, lalaki anu sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah make tutup sirah, eta ngahina ka Kristus.
Sabalikna awewe dina kumpulan ibadah, lamun sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah henteu make tutup sirah, eta ngahina ka salaki, taya bedana ti awewe anu digundulan.
Sabab lamun awewe henteu daek make tiung leuwih hade ngagunting buukna. Tapi awewe mah kapan hina lamun sirahna dicukur atawa buukna digunting teh, anu matak kudu make tiung.
Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,
sabab lain lalaki anu dijadikeun ti awewe, tapi awewe anu dijadikeun ti lalaki.
Lalaki dijadikeunana lain pikeun awewe, tapi awewe anu dijadikeunana pikeun lalaki.
Ku sabab kitu awewe kudu make tiung sirah, pikeun nyirikeun aya dina bawahan kakawasaan salakina, jeung tanda mandang ka para malaikat.
Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.
Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.
Pek ku aranjeun rarasakeun, naha pantes dina pakumpulan, awewe sembahyang ka Allah teu make tiung sirah?
Alam sorangan netelakeun yen buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes.
Sabalikna pikeun awewe mah malah jadi kaendahan. Buukna nu panjang teh kapan pikeun nutup sirahna.
Upama aya anu ngabantah kana hal ieu, jawabanana kieu: Urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.
Dina hal anu rek ditetek ayeuna, aranjeun lain pujieun. Aranjeun ari karumpulan, ti batan jadi hade malah jadi goreng.
Aya anu bebeja ka sim kuring. Kahiji, aranjeun dina kumpulan teh papecah jadi sababaraha gumplukan anu pakia-kia. Sim kuring percaya ieu beja aya benerna.
Teu sak deui aranjeun teh geus papecah, nepi ka engke katembong saha-saha anu bener.
Waktu aranjeun kumpul bareng, eta anu didalahar ku aranjeun teh saenyana lain Jamuan Gusti.
Da dina waktu dahar teh aranjeun paheula-heula nyokotan keur diri sorangan, nepi ka nu sawareh angger lapar, sawareh deui nepi ka marabok kaseubeuhan.
Ku naon henteu dalahar heula di imah, kawas teu baroga imah bae? Rek ngarendahkeun jamaah Allah? Atawa rek ngera-ngera anu mariskin? Eta kalakuan aranjeun kudu kumaha disebutna ku sim kuring? Pujieun ari kitu? Boro-boro!
Sabab kieu conto ti Gusti anu katampa ku sim kuring mah: Gusti Yesus dina peutingan dihianat, nyandak roti hiji,
sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina terus disemplekan dibagikeun, sarta ngalahir kieu, "Ieu teh daging Kami, tampanan pikeun maraneh. Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami."
Kitu keneh sanggeusna tuang, Anjeunna nyandak lumur anggur, sarta ngalahir kieu, "Ieu anggur perjangjian Allah anu anyar, anu dikukuhkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum ieu, maksudna pikeun nginget-nginget Kami."
Jadi saban aranjeun dahar roti ieu jeung nginum anggur ieu, tanda aranjeun ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.
Ku sabab kitu, anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa kana salira jeung getih Gusti.
Jadi anu rek milu kana eta perjamuan kudu mariksa heula dirina, kakara meunang dahar eta roti jeung nginum eta anggur.
Sabab milu dahar eta roti jeung nginum eta anggur tapi henteu ngarasa yen eta teh salira jeung getih Gusti, sarua jeung nangtang hukuman ti Allah.
Eta sababna pang aranjeun loba anu kurang sehat, garering malah aya anu maraot.
Lamun mariksa diri heula masing-masing mah ku Allah moal dihukum.
Tapi sanajan kitu ge Allah mah ngahukum teh maksad-Na ngadidik, supaya urang ulah kabaud ku hukuman anu bakal keuna ka ieu dunya.
Ku sabab kitu dulur-dulur, dina Perjamuan Gusti teh urang kudu silih dagoan.
Ari sieun kaburu lapar mah dahar bae heula di imah, supaya dina Perjamuan ulah matak meunang hukuman ti Allah. Sakitu heula. Sual-sual sejenna engke bae diterangkeunana ari sim kuring ka dieu.